HIRUP KATUNGKUL KU PATI, MAOT TEU NYAHO DI MANGSA


Ku : Abu Ghozie As Sundawie

Diantara parêntah kanjeng Rasul ﷺ ka urang sadayana nyaêta parêntah sangkan urang miêling kana pati, inget kana paêh, sakumaha dawuhan anjeuna ﷺ :

أَكْثِرُوا ذِكْرَ هَاذِمِ اللَّذَّاتِ يَعْنِي الْمَوْتَ

"Lobakeun aranjeun kabêh, miêling perkara anu mutuskeun sagala kanikmatan, nyaêta maot”. (HR Tirmidzi ti Sahabat Abu Hurairah).

Abu Ali Ad-Daqaaq rahimahullah nyebatkeun :

مَنْ أَكْثَرَ مِنْ ذِكْرِ اْلمَوْتِ أُكْرِمَ بِثَلَاثَةِ أَشْيَاءَ : تَعْجِيْلِ التَّوْبَةِ وَقَنَاعَةِ اْلقَلْبِ وَنَشَاطِ العِبَادَةِ, وَمَنْ نَسِيَ اْلمَوْتَ عُوْقِبَ بِثَلَاثَةِ أَشْيَاءَ : تَسْوِيْفِ التَّوْبَةِ وَتَرْكِ الرِّضَا بِاْلكَفَافِ وَالتَّكَاسُلِ فِيْ اْلعِبَادَةِ.

"Sing saha jalma anu loba miêling kana maot maka baris di bêrê tilu kamuliaan : (1)-Gagancangan tobat, (2)-Hatê anu Qona'ah, (3)-Sumanget dina ibadah, sabalikna sing saha jalma anu poho kana paeh baris meunang tilu kacilakaan : (1)-Hese tobat, (2)-teu ngarasa cukup pamasihan ti Allah, (3)-Kedul kana ibadah.   (Kitab At Tadzkirah, Imam Al Qurthubi, 10).

Êling êling mangka êling rumingkang di bumi alam, urang sadaya anu gumelar di alam fana, umur gagaduhan banda sasampiran, hirup katungkul ku pati maot teu nyaho di mangsa.

Taya cacah taya mênak bakal hijrah ka alam barzah, tempat panganjrekan saheulaanan, geus kitu mah sakumna Bani Adam bakal patepung lawung jeung Allah Nu Maha Agung.

Allah ﷻ ngadawuh :

كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ وَإِنَّمَا تُوَفَّوْنَ أُجُورَكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ فَمَنْ زُحْزِحَ عَنِ النَّارِ وَأُدْخِلَ الْجَنَّةَ فَقَدْ فَازَ وَمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلَّا مَتَاعُ الْغُرُورِ

“ Tiap tiap jiwa pasti bakal ngarasakeun pati, jeung saêstuna kami baris nyampurnakeun ganjaran maranêh kabêh jaga dina poê kiamat, maka sing saha anu disalametkeun tina seuneu naraka bari diasupkeun kana sawarga maka êta jalma têh kacida untungna, jeung ari kahirupan dunya têh ngan saukur kasenengan anu nipu”. (QS Ali Imran : 185)

Allah ﷻ ogê ngadawuh  :

أَيْنَمَا تَكُونُوا يُدْرِكْكُمُ الْمَوْتُ وَلَوْ كُنْتُمْ فِي بُرُوجٍ مُشَيَّدَةٍ

“Dimana waê aranjeun ayana maka baris didatangan ku pati sok sanajan aranjeun aya dina bêntêng anu kuat”. (QS An Nisaa’ : 78).

Allah ﷻ ngadawuh :

وَاتَّقُوا اللَّهَ وَاعْلَمُوا أَنَّكُمْ مُلَاقُوهُ وَبَشِّرِ الْمُؤْمِنِينَ

"Jeung omat kudu tarakwa ka Allah, kudu inget yên maranêh têh engke bakal patepung lawung jeung Mantenna. jeung tepikeun bêja pikabungaheun jalma-jalma nu ariman". (QS Al Baqarah : 223)

Imam Ibnu Katsir rahimahullah ngajelaskeun  maksud ayat di luhur :

فَيُحَاسِبُكُمْ عَلَى أَعْمَالِكُمْ جَمِيعًا.

Maka Allah  ﷻ bakal ngahisab kana sakabêh amalan aranjeun” (Tafsir Ibnu Katsir 1/599)

Rasulullah ﷺ ngadawuh :

إِذَا مَاتَ الْإِنْسَانُ انْقَطَعَ عَمَلُهُ إِلَّا مِنْ ثَلَاثَةٍ مِنْ صَدَقَةٍ جَارِيَةٍ وَعِلْمٍ يُنْتَفَعُ بِهِ وَوَلَدٍ صَالِحٍ يَدْعُو لَهُ

Lamun hiji jalma maot, maka amalanana putus anging tilu perkara, nyaêta shadaqah jariyah, êlmu nu mangpaat, jeung do’ a ti anak nu solêh (HR Muslim)

Ku sabab êta hayu urang tatan tatan ti anggalna meungpeung masih aya dangka, takwa ka Nu Maha Kawasa, ngamalkeun sagala timbalan bari nyingkahan sagala larangan Mantenna, malar ginuluran bagja kamanyangan di alam kalanggengan, jadi ahli Surga nu pinuh ku rupa-rupa kani'matan. Ieu têh nu ayeuna disebut bêwara pikabungaheun pikeun jalma jalma nu ariman têa.

Sakitu anu kapihatur mugi aya mangpaatna, Wallahu a’lam.

0 Response to "HIRUP KATUNGKUL KU PATI, MAOT TEU NYAHO DI MANGSA"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel